Nu Ningtrimkeun Pikir
Ku: Nina Rahayu Nadéa

Ngahaja balik demit. Dina wanci keur meujeuhna jempling. Peteng. Disalimutan peuting jeung baranang béntang di langit. Kuring kadua supir rerencepan kaluar ti rumah sakit. Ngahaja. Sangkan teu panggih jeung wartawan, nu ti barang kuring nyirekem di dieu, langsung pada ngurunyung. Pada muru. Sanajan teu diidinan ku pihak rumah sakit. Angger keukeuh peuteukeuh. Sangkan bisa panggih jeung kuring. Ngawartakeun kuring ka saban média.
Mobil nyemprung ka kidulkeun. Nyemprung dibaturan talaga nineng jeung kamelang. Aya nu nyanyautan waktu ngaliwat ka Hotél Savoy Homann. Hotél nu pinuh ku panineung, malikeun panglamunan ka manéhna. Waktu mimiti nyekel kalungguhan. Larasati. Hiji ngaran anu geus nyulik haté. Nya di dinya pisan. Di hotél éta pisan manéhna sumerah ka kuring. Nyérénkeun kahormatan. Rido sanggeus ku kuring diolo, seja dibéré pagawéan jeung disahkeun di hareupeun naib. Manéhna léah. Waktu gepokan duit ti kuring pindah ka manéhna. Sanajan enya Larasati kungsi disahkeun ku kuring. Tapi teu hayang salilana reureujeungan. 4 bulan. Waktu nu sajorélat tapi jadi pangalaman anyar kuring keur lalayaran dina lautan cinta.
Ti dinya ngaran awéwé, mimiti mapaésan kahirupan kuring. Aya Anzani, Merry, jeung puluhan nu geus sumerah ka diri kuring. Babari. Enya babari pisan ning milih awéwé, nu dipikahayang. Loba diantarana nu nyérénkeun kahormatanan teu maké sarat. Beuki loba nyeuseup maduna kuring beuki hanaang.
Antukna tijalikeuh. Tigebrus ku polah sorangan. Demi nedunan kahayang jeung nafsu kuring. Tamaha ku polah sorangan. Sanggeus guyang dina leutak nista, merulkeun birahi ka saban awéwé, ngalekik nikmatna madu ti hotél ka hotél. Teu sirikna di tiap péngkolan, tiap kota nu kungsi kasorang pasti neundeun lalakon. Lambaran lalakon ngeunaan ngaran-ngaran awéwé nu kungsi sahégak, sapatemon dina nirca. Sadami dina manisna asmara, héhéotan dina jeritna kanyaah Anisa pamajikan kuring.
Inget kénéh waktu harita, saacan nyekel kalungguhan nu maneuh di hiji kabupatén. Dirojong ku saréréa. Tim independent. Teu sirikna kabéh masarakat ngilu ngarojong kuring sangkan unggul dina pilkada. Ancrub kana urusan pulitik, anu sabenerna teu kacangking ku diri kuring. Kuring teu ngarti kana paélmuan anu kudu dipiboga sangkan bisa nyekel kalungguhan. Tapi ku pangrojong saréréa antukna kuring ngiluan. Nu teu ngidinan kana ketak kuring nyéta Ema jeung Anisa. Lain nanaon cenah bisi kuring teu kuat. Tapi kuring ngayakinkeun maranéhna, moal kabawa kusakaba-kaba.
Milik diri teu gaplah. Kuring kapilih jadi jelema nomor wahid di hiji kabupatén. Mayungan sababaraha kecamatan. Duka pédah kuring ngaréndéng jeung wakil kuring nu ti béh mula geus boga ngaran, sanajan lain dina urusan pulitik. Sanajan teu ngaleuleungit keur nyumponan kahayang kuring nyekel jabatan téh, kudu uculan duit anu lain saeutik. Atuh dina unggulna nyekel jabatan téh, geus kaerong dina pikiran, naon waé anu rék dilakukeun sangkan modal anu baheula leungit urut kampanyeu kudu balik deui. Balik modal.
Mobil beuki nyemprung, ngembat. Kolébat beungeut Anisa némbongan, ngelemeng hareupeun. Aya nu ngeclak dina panon, inget ka manéhna. Enya ngan Anisa anu buméla ka kuring dina bagja jeung tunggara. Ngan manéhna anu ngarti kana kaayaan kuring. Pan manéhna geus cumarita, seja nampa kuring kumaha waé. “Badé bodas, badé hideung. Papah tetep panutan sareng salaki abdi.” Béda jeung Larasati, Anzani. Anu langsung surak. Maranéhna sasat ngigel ningali ancurna kahirupan kuring. Balukar maranéhna kuring manggih di sué. Kudu balitungan dina sagala hal anu geus kaalaman ku kuring waktu jeneng nyekel kalungguhan. Maranéhna awéwé nu kungsi siduru dina dada, ngabudalkeun bangbaluh hirupna nepi ka kahirupanana walagri. Jejem.
Tapi, waktu kuring ngajoprak di rumah sakit, balukar masalah anu murudul. Euweuh hiji ogé mangkluk nu mangkarunyakeun, sumawona ngarojong. Apal téh dina tivi. Maranéhna siga nu mupuas, hayang wareg ningali kuring balangsak. Geus puguh urusan ranjang sagala diomongkeun. Éta perkara nu maranéhna teu nyaho, pipilueun diucah-acéh. Majar téh cenah pak Adang kungsi meuli tanah tina duit bos, tina duit itu, tina duit ieu. Dasar awéwé pikasebeleun. Kurang naon atuh kuring, sakitu sagala ditedunan.
Béda jeung Anisa nu ti barang kuring ngagubrag. Manéhna tetep aya di gigireun.Tetep buméla. Hampura Anisa, lamun kuring ayeuna indit teu dibarengan ku anjeun. Lain…lain teu nyaah. Kuring geus kacida éra jeung karunya. Kuring ngan hayang ningtrimkeun pikir. Nyingkahan heula rereged anu salila ieu nyangkaruk, salilana dikukuntit pati. Hampura Anisa, kuring indit saheulaanan. Tong melang, teuteup seukeut panon anjeun salilana méré kakuatan ka diri kuring. Galindeng tina biwir anjeun, waktu ngaji teu weléh niginkeun haté sangkan bener-bener titirah néang pilampaheun.
“Pah, netepan heula,” cenah ka kuring waktu kadéngé adan ngalanglaung.
Kuring unggek. “Wios acan kiat mah na ranjang wéh, Pah,” manéhna neuteup seukeut. Seseukeut panonna niruk jajantung. Enya asa ditaranjangan ku awéwé siga anjeun. Sanajan teu kemba, teu wakca kana kalakuan anu geus dipilampah, tapi anjeun narima kana kaayaan kuring saujratna. Kitu deui waktu ngaran Larasati, Merry minuhan berita dina tivi, dina surat kabar. Anjeun tetep marengan. Sanajan kuring yakin haté anjeun nyidem lara tunggara anu rosa.
“Tos tong diemutan, nu atos –atos. Anggursing Papah geura damang,” kitu ceuk anjeun waktu kuring manco kana tivi. Ningali hiji awéwé nu keur cumarita ngajejeléh kuring. “Teu kedah diémutan. Mamah tetep bakal nyarengan Papah ka mana waé,” cenah siga nu surti kana naon rupa anu ngagunduk jeroeun dada. Hayang ngabudalkeun unek-unek nu nyangkaruk na lelembutan. Teu wasa. Enya kuring teu wasa. Anggur cipanon nu bedah tina galengan ipis murag mapay pipi.
Karasa pisan nyaah jeung bélana. Kalawan geten anjeun ngarawat, ngariksa kuring nu teu walakaya. Sholat peuting teu petot-petot dilakukeun. Kuring lilir waktu ngadéngé sora nu ngagalindeng. Nembres mamaras ngalalar ka wiati, nuyun kuring ka alam lain nu teu kasungsi ku panon lahiriah. Sorana halimpu, kadang naék bedas. Kadang halon ngageuri, nyeuitan haté. Meneran pisan makhrojna. Tajwidna. Tiap engab nambah nyanyautan kana haté, marengan diri nu liwung. Sakapeung panjang sakapeung pondok. Washal jeung waqofna éstu merenah. Haté beuki nyanyautan, beuki gumeter. Kalakuan anu geus kalarung nyalampeurkeun. Tina sela-sela ngajina kadéngé inghakna. Inghak anu parat kana haté kuring, nakolan kapeurih, bedah ngamuara dina mumunggang kingkin.
Do’ana murudul unggal waktu. Ngarayap malibir ka biwir langit parat ka langit pangluhurna. Do’a ti hiji istri anu sholéhah. Ngado’akeun kuring salaku salakina, sangkan dihampura jeung dikuatkeun dina sagala urusan, tur salilana aya dina jalan manten-Na. Sangkan kulawarga salilana runtut raut. Sauyunan.
“Pak. Tos dugi,” ceuk supir kuring.
“Enya wé geuning geus nepi. Jig wé, Dana mah balik tiheula.”
Manéhna ngadon ngahuleng.
“Béjakeun ka ibu. Tong hariwang kitu…” kuring surti ka Dana.
“Muhun atuh, Pak.”
“Ning Adang? Naha lain di rumah sakit? Jeung saha ka dieu?” pananya hiji awéwé, nu taya lain indung kuring merekpek di lawang panto.
Pananya ema ngan diwakilan ku murubutna cimata. “Ma, hapunten abdi.” Kuring langsung sumegruk. Nyuuh dina pangkuanna.
“Geus. Sing kuat. Ema geus apal kana naon anu geus tumiba. Anggursing ngucapkeun sukur. Geura lilir. Tong poho kana purwadaksi,” ema ngusapan sirah kuring. Karasa pisan nyaah jeung deudeuhna. “Naon anu geus karandapan, kudu dijieun jalan keur kahareupna, sangkan baranang salawasna. Teu nanaon peurih ayeuna. Tinimbang engké jaga di alam langgeng,” sora ema beuki écés, neunggeulan haté nu wangkelang, bedegong.
“Sok geura istirahat heula. Kamar mah angger beresih. Sanajan euweuh nu ngeusian gé. Ku ema unggal poé dipiara. Ema yakin hiji waktu hidep bakal datang, ngéndong di imah ema. Imah hidep,” ema nuyun leungeun siga ka budak leutik. Panon mencrong kana beungeutna. Beungeut anu geus kolot tapi katingali cahayaan, seger taya bangbaluh.
Teu hayang saré. Ngarasakeun nimatna cicing di imah ema, ngadédéngékeun sora sato peuting, anu ngilu maturan diri anu kingkin.
“Jam sabaraha ayeuna, Ma?”
“Jam 3. Sakedeung deui gé haneuteun geura ku pupujian ti masjid,” cenah bari nutupkeun hordéng kamar.
Kuring niténan nu aya di kamar. Angger siga baheula. Tapi kacida beda, karasa pisan tingtrim imah téh. Komo ningali poto almarhum bapak. Beuki betah. Béda jeung Imah kuring anu sigrong, tapi ning teu karasa tingtrim, tiap waktu hawa ngahéab, panas. Balukar dosa meureun nu geus mahung nalikung diri.
Paingan ti baheula ema embung pindah. Keukeuh peuteukeuh hayang di dieu. Wayahna lamun nyaah ka ema. Poma tong ngarobah naon rupa nu aya di ieu imah. Kitu basana waktu kuring ngolo sangkan daék imahna diurug. Dijieun sigrong.
Sérélék sada ema mukakeun hordéng kamarna. Kuring noong ka luar. Ningali ema ka cai terus ngalakuken sholat jeung wirid. Sorana écés jentré. Aya nu ngésétan kana haté. Beungeut ema jeung Anisa kokolébatan. Dua awéwé nu kacida dipicintana. Dua awéwé nu salilana nyieun kakuatan ka diri kuring. Dua awéwé nu nuyun kuring. Lilir.
“Gusti abdi nampi kalepatan sareng kaluluputan badi. Rumaos abdi tos tolowédoh dina ngalaksanakan amanah Anjeun. Teu kiat nahan surga dunya. Mugia anjeun ngahapunten kana sagala dosa abdi.” Clak aya nu murag kana pangsujudan. “Abdi ayeuna seja nyanghareup, moal deui rék susulumputan. Seja nampi hukuman naon waé, anu ditibankeun. Ditampi Ya Rabb….” Sajadah kuring nu baseuh ditilepan. Nyusut cipanon ku tonggong leungeun.
Do’a ti indung jeung ti pamajikan. Do’a ti kuring sorangan anu danget ieu nyumangetan diri. Sumanget keur mapag jalan ka hareupna. Sanajan kudu cicing di pangbérokan.*** carpon sundamidang