Imam

Ku: Nina Rahayu Nadéa

            “Naha manéh téh teu ngarti waé. Geus bosen Bapak mapagahan manéh tatadi téh!” Plak leugeun reflek nyabok pipi.

            “Punten abdi, Pak,” Wawan tungkul. Leungeun nyekel pipi anu karasa panas. Hayang mah ambek, hayang mah nangtang guruna. Tapi manéhna nyaho saha ari Pak Cécép. Guru pangkillerna anu taya ampun ka budak. Rék pisakumahaeun alesan dijieun, dihadé-hadé. Angger tara nolih.

            “Hayang dikaluarkeun ti ieu sakola?” Omongna teugeug waktu teuteupan paadu jeung Wawan.

            “Heunteu Pak.” Témbal Wawan halon. Aya nu ngeyembeng di juru panonna. Tapi teu kaci dikaluarkeun. Manéhna lalaki. Narah ngaluarkeun cipanon. Ngan dina haté aya silalatu anu patingsulabreng minuhan lulurung kalbu. Bener-bener asa diteungteuingan. Teu pira. Enya pira kabeurangan. Jeungna deui pan geus bébéja ka pikét yén manéhna geus néangan heula adi nu teu balik. Pikét mah ning bageur jeung ngarti sarta nitah langsung asup ka kelas. Nasib alus keur teu badami, waktu asup ka kelas, Pak Cécép geus nyampak. Keur nyarékan babaturanna Banu jeung Aléx nu memang katélah bangor.

            “Cicing heula di luar.” Pak Cécép nyarita waktu ningali Wawan asup ka kelas.

            “Suruh masuk sama piket, Pak.” Cenah teu miroséa. Tunduh jeung capé, ayeuna kudu nyanghareupan masalah. Uteuk geus teu bisa nyaring.

            Asa disapirakeun meureun. Keur mah eukeur manéhna keur ngambek katurug – turug ningali Wawan nu watados, langsung diuk.

            “Kaluar manéh!”

            Wawan cicing.

            “Kadéngé teu. Kaluar!” Sorana handaruan. Kelas comrék.

            “Goblog. Aya… aya waé.” Sorana ngagerendeng. Wawan kaluar.

            “Ngomong naon manéh bieu?”

            “Heunteu, Pak.”

            “Nganggap kanu torék?” Pak Cécép nuturkeun kaluar. “Hayu ka kantor.”

            “Ngomong naon tadi?” Pak Cécép nanya deui waktu geus adu hareup di kantor. “Rumasa teu boga salah?”

            “Muhun Pak rumaos kasiangan, tapi pan abdi dipiwarang lebet ka kelas ku pikét. Terusna deui abdi mah kakara kabeurangan ayeuna. Néangan heula adi ka dulur. Piraku teu toléransi.” Wawan ngomong tatag. Pangacian kumpul deui.

            “Halah alesan. Déngékeun. Bapak mah teu pandang bulu. Rék sakali duka kali gé sarua kénéh.”

            “Kamari gé Sutisna teu dititah kaluar ku Bu Wiwi basa kabeurangan.”

            “Ari manéh keur nyanghareupan saha?” Pak Cécép neuteup seukeut. “Déngékeun enya manéh karék ayeuna nyieun masalah jeung Bapak. Tapi Bapak gé apal kumaha kalakuan manéh kamari-kamari. Ngarokok di sakola, mabal. Éta téh angger tah nepi kana ceuli. Piraku rék diantepkeun.”

            “Naha beut ngungkit nu baheula Pak. Éta mah basa keur kuring kelas X. Ayeuna geus kelas XII. Bapak tong nyabit-nyabit nu baheula.” Wawan keuheul nataku. Tatadi geus sabar. Tapi ning angger disapirakeun. Komo geus nyabit-nyabit waktu nu baheula. Enya manéhna gé ngarasa baheula mah jadi jalma baong. Tapi naha salah lamun hayang robah. Naha salah lamun ayeuna manéhna wakca nu sabenerna.

            “Sok atuh ngomong nu bener kunaon kabeurangan?”

“Neang adi Pak, ka imah Uwa. Ti kamari teu balik.”

            “Euh. Si Déwi? Paingan atuh geus dua poé teu ka sakola. Adi jeung lanceuk téh ning sarua euweuh cupat nu hadé. Kahadé tah si Déwi teu balik-balik. Bisi kabawa kunu teu puguh. Daék kitu adi manéh jadi awéwé baong?”

            “Pak! Tong sangeunahna atuh ngomong téh.” Wawan nangtung. Leuleuyna leungit baganti keuheul.

            “Naon sosorongot kitu?” Leungeun neumbrag méja. “Manéh kudu ngahargaan atuh keur ngomong jeung saha? Meuni poporongos jeung nangtung sagala. Naon ngajakan gelut?” Pak Cécép beuki ambek.

            “Enya Pak. Hampura. Tapi teu ngeunah atuh adi sorangan disebut kitu.”

            “Déngékeun Wawan. Bapak mah ngomong téh bakat kunyaah, lain nyingsieunan. Pan nyaho jaman ayeuna téh kumaha? Sok kaberitakeun dina tivi kumaha? Bapak sieun boga murid anu kabawa kusakaba-kaba. Naha Bapak manéh teu melang kitu?”

            “Bapak mah geus teu aya, Pak.”

            “Tuh komo deui Bapak geus euweuh. Manéh kudu leuwih merhatikeun adi jeung kolot. Manéh téh gaganti kolot, kudu jadi imam keur kulawarga. Kitu, Bapak mah peupeujeuh téh.” Pak Cécép menerkeun kacamatana. “Kudu jadi conto anu alus keur kulawarga. Komo lalaki, kudu bisa ngajarkeun nu bener ka adi. Sakali deui kudu bisa jadi imam.” Pak Cécép beuki daria. Asa budal kabéh momot nu mahung manéhna.

            Wawan teu ngomong deui, ngeluk lir bueuk meunang mabuk téh lain bobohongan. Da enya karasa ku manéhna salaku lanceuk can bener-bener bisa ngarawat kanu jadi adi jeung indung. Enya manéhna rumasa pisan, waktu keur nu lain kacida heureut. Tong boroning ngurus jeung merhatikeun kanu jadi adi. Dalah ngurus sorangan gé rumasa can bisa.

Ngarahuh panjang, mikiran adi nu keukeuh embung sakola.Omongan Pak Cécép aya benerna. Kakeueung ngalimpud diri, sieun adina kabawa anu teu bener. Sanajan kasaksian adina memang aya di imah Uwa. Teu kamamana. Ngan can bisa ngabuktikeun da kabeneran uwana teu aya. Jadi teu bisa ngobrol. Jeung manéhna rusuh rék ka sakola. Tapi maenya omongan Pak Cécép nu sidik ngajejeléh rék diantep? Sanajan enya cenah mapatahan tapi angger asa teu pantes.

*

            Anjog ka imah pasarandog pisan jeung hiji awéwé nu kakara pisan kaluar ti imah.

            “Saha éta, Ma?” Wawan tumanya ka indungna.

Indungna teu némbal.

“Ma?” Wawan metot leungeun indungna. Ningali paroman indungna nu bareueus. “Kunaon Ma?”

“Taya nananon?” Walon indungna pondok.

“Tong ngabohong, Ma.”

“Hampura Wan. Ema.“ Indungna ngarénghap panjang. Tina juru panonna geus aya talaga reumis, sayaga bedah. “Duit nu keur ujian téa téh meunang Ema nginjeum. Hampura. Waktu kamari hidep méré duit tina ladang nyablon téh, bieu dibayarkeun ku Ema ka manéhna. Tapi Ema ngajenghok ning…”

“Ning kumaha, Ma?”

“Aya bungaan sagala. Malah nikel pisan. Padahal mimitana mah teu ubral obrol nanaon. Éstu manéhna sorangan nu nawarkeun bantuan. Nya atoh wé nu aya.“

“Naha atuh Ema téh beut nginjem. Komo deui ka réntenir. Pan ceuk Wawan gé. Keun Wawan rék usaha.” Wawan keuheul kanu jadi indung pédah teu diajak badami.

“Enya tadina mah bisi jadi pikiran. Komo sakeudeung deui nyanghareupan ujian sakola.”

“Tungtungna lain nganggeuskeun masalah, anggur nambah masalah.” Wawan rumahuh panjang.

*

 

            “Rumah tangga téh ibarat urang keur balayar. Balayar di tengah lautan anu caina kacida gedé, anu ombakna tinangtu waé nyurungkeun kapal anu keur dipaké ka mana waé. Bisa ngénca bisa ngatuhu. Can tangtu kamana léokna.” Ustad Acéng eureun, neuteup hiji –hiji jalma nu aya di hareupeun manéhna.

            Pak Cécép ngeluk, panglamunan bacacar ka mana waé, asa deukeut asa jauh.

            “Nahkoda kudu sanggup mawa kapal anu keur balayar téa ka tempat anu alus ka jalan anu hadé sangkan sakabéh panumpang nu aya- pamajikan turta anak-anakna bisa salamet nepi ka tujuan. Salamet nepi ka engké poé akhir, tur teu neumbleuhkeun kasalahan kanu jadi kolot. Inget !yén anak-anak bisa waé nungtut urang salaku imam nu teu bisa mawa ka jalan kahadéan. Nungtut nu jadi Bapak, anu tara ngageuing anak-anakna. Pamajikan nungtut nu jadi salaki pédah tara ngageuing kana jalan lempeng tur bener. Salaki kudu bisa jadi imam, pamingpin kulawarga.”

            Omongan Ustad Acéng nembrés kana haté, aya nu noélan kana haté. Lalaunan nepi karasa tarik, nakolan. Aya nu eundeur handaruan ngendagkeun kapengkuhan manéhna salaku lalaki. Pak Cécép memener peci, sidakep ajeg deui. Inget yén manéhna téh hiji tokoh nu diambeuan. Teu meunang céngéng. Teu meunang aya nu ngeundeuk-ngeundeuk kaayaan pribadina. Sidakep deui, saregep ngabandungan ustad nu keur méré ceramah.

            Kabéh keur anteng ngabandungan wejangan, waktu ti gigireun imah Pak Soma tempat anu keur dipaké ceramah téa. Kadéngé anu hog hag. Siga nu keur paraséa.

            “Bu piraku teu boga rarasaan.”

            Cenah ngan sakitu anu kadéngé. Nu puguh mah kadituna sora blag blig blug siga anu keur lumpat.

            Kabéh marelong ka Pak Cécép. Da geus puguh éta sora téh asalna ti imahna. Anu mémang ngaréndéng pisan jeung imah Pak Soma. Pak Cécép ngeluk api-api teu ngadéng. Beuki ngéluk, éta sora beuki atra. Sora pamajikan. “Leutik-leutik teu ngarti manéh!”

            “Pak, tingal heula,” Pak Ridwan anu digigireun noél. “Bilih kumaonam.” Cenah ngaharéwos.

            Teu talangké Pak Cécép nangtung. Ngagidig ka imah sorangan. Reuwas ningali panto bolongor. Sora nu hog hag beuki atra. Beuki deukeut kadéngé pamajikan keur ngomong tarik. Deukeut panto, hiji lalaki nonggongan. Kadéngé hégakna nahan amarah. Pamajikan, sanajan enya ngomong tarik, katangen sieunna. Rampang reumpeung. Sigana enya tadi manéhna lumpat diberik ku éta lalaki. Katigali korsi anu rada ngagésér heunteu dina tempatna.

            “Meunggeus ayeuna mah mending balik!” Rada tatag ningali nu anyar datang. Meureun asa boga panyalindungan.

            “Kuring moal balik. Lamun can panggih jeung salaki manéh. Hayang ngomong anu bener kalakuan manéh kitu.”

            “Kitu kumaha? Budak téh teu nyaho dikasopanan. Ka kolot ngomong kitu. Naha teu sakola manéh?”

            “Puguh matak kuring ka dieu gé sakola. Bu. Teu pantes Ibu anu geus kolot kitu nyarékan indung kuring di hareupeun jalma umum. Di mana salaki di dinya?” Sukuna ngaléngkah ka deukeut pamajikan Pak Cécép.

            “Nya salah indung di dinya atuh, mayar hutang lila waé.”

            “Déngékeun ku bebengok sia. Indung aing mah asa dilejokeun ku sia téh. Cenah mah ngomong nulungan. Hutang geus dibayar waktu manéh ka imah. Naha atuh beut maké paleuleuwih sagala.”

            “Ieuh, Jang. Dimana-mana gé kudu aya leuwihna jaman ayeuna mah. Moal aya nu angger. Sok wé pikir lamun éta duit digolangkeun ku kuring. Geus leuwih ti dinya tah leuwihna. Sakitu mah jamak ménta paleuleuwih ngan saeutik.”

            “Geus lah gandéng. Dimana salaki manéh?”

            “Geus ayeuna mah urusan jeung kuring.” Pak Cécép nyampeurkeun. Asa teu ngeunah ningali pamajikan dijejeléh kitu.

            “Enya. Sok warah kadinya, Kang. Piraku éléh ku budak bau jaringao.”

            “Mana?” cenah ngalieuk ka tukang.

            Barang bréh.

            “Wawan!”

            “Pak Cécép?” Sakedapan ngahuleng. “Oh jadi kieu imam nu dicaritakeun Bapak ka kuring téh. Jadi pamingpin nu kudu bener ngaping ngajaring kulawargana. Hadé pisan. Bapak hasil ngadidik pamajikan Bapak, ngalatih pamajikan Bapak jadi jelema bener, nyaangan sakabéh kulawarga. Nyetak pamajikan jadi rentenir!”

            “Wan! Tong kitu. Éta mah Bapak gé teu nyaho.” Kecap téh ngan saukur diteureuy na jero dada. Sorana kasilep angin kamelang. Nu puguh mah neuteup hareugeueun kanu ngaléos.

            “Kang!” pamajikanna ngaléndotan. Bruug! panto ditutupkeun.***

        

Nina Rahayu Nadea, lahir di Garut 28 Agustus. Menulis fiksi dan non fiksi. Tulisannya dimuat di: Pikiran Rakyat, Galamedia, Kabar Priangan, Majalah Kartini, Analisa Medan, Radar Bojonegoro, Majalah Potret Banda Aceh, Majalah Baca Banda Aceh, Suara Karya, Suara Daerah, Majalah Kandaga, Majalah Mangle, SundaMidang, Galura, Tabloid Ganesha, Tribun Jabar, Koran Merapi Yogyakarta, Majalah HAI.